Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, diulinkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) antukna ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, dan sajabanna.
1. Angklung Dogdog Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salah sahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré.
2.Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kacamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit.
3.Badéng
Badéng téh mangrupa kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atawa 17.
Artikel dijieun ku Astrid Haerani X.IPA 1
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar