Halo! Abdi didieu arek ngajelaskeun cara ngabuat tatakan gelas nu biasa digunakeun ku kafe-kafe.
Bahan-Bahan nu Kudu disiapkeun:
1. Kardus
2. Gunting/Cutter
3. Lem
4. Pawarna
5. Jidar
6. Patot
Lengkah Lengkah:
1. Potong kardus sagede lebar 15cm panjang 20cm Hingga kabagi jadi tilu
2. Tempelkeun masing masing kardus ngagunakeun lem
3. Potong kardus sagede lobang gelas
4. Rapihkeun jeung warnakeun tatakan gelas tsb.
5. Tatakan gelas geus siap!
Artikel dijieun ku Siti Omay Yanti X.IPA1
Selasa, 09 Oktober 2018
Senin, 08 Oktober 2018
Parjuangan Kamerdakaan Indonesia
19.10
Dina tanggal 6 agustus 1945 hiji bom atum dipuragkeun diluhureun kota Hirosima Jepang ku Amerika Serikat , Numimiti rek nurunkeun moral sumanget tantara jepang sadunia sapoe ti harita Badan Penyelidik Usaha persiapan Kamerdekaan Indonesia BPUPKI atawa Dokuritsu Junbi Cosakai diganti ngaran jadi PPKI (Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia) atawa disebut oge Dokuritsu Junbi Inkai dina bahasa jepang, kangge leuwih negeskeun kahoyong sareng tujuan laksanana kamerdekaan Indonesia.
Dina tanggal 9 agustus 1945, bom atum kadua dipuragkeun diluhureun kota Nagasaki Jepang, nu ngakibatkeun jepang nyerah ka Amerika Serikat sareng sekutuna. kasempetan ieu oge dimanfaatkeun ku Indonesia kangge ngaproklamasikeun kamerdekaanna. Soekarno, Hatta salaku pamimpin PPKI sareng Radjiman Woedyoningrat salaku mantan ketua BPUPKI dikirimkeun kadalat, 250 km dipalih timur laut Saigon, Vietnam kangge papendak sareng Marsekal Tarauchi.
Aranjeuna dipasihan terang yen pasukan Jepang nuju aya tina kahancuran sareng bade ngajanjikeun kamerdekaan ka indonesia. Samentawis di Indonesia dina tanggal 10 agustus 1945, Sutan Syahril parantos nguping Berita tina radio yen jepang tos nyerah ka sekutuna. Para pejuang bawah tanah siap-siap ngaproklamasikeun kamerdekaan RI, sareng nolak bentuk kamerdekaan nu diasihkeun salaku hadiah ti Jepang.
Dina tanggal 12 agustus 1945 Jepang lewat Marsekal Tarauchi didalat, Vietnam, nyarioskeun ka Soekarno, Hatta sareng radjiman yen pamarentah Jepang bade masihkeun kamerdekaan ka Indonesia saenggalna sareng proklamasi kamerdekaan tiasa dilaksanakeun dina waktos sababaraha dinten tergantung cara kerja PPKI. Sanaos kitu Jepang ngahoyongkeun kamerdekaan Indonesia dina tanggal 24 agustus 1945.
Dua dinten saparantosna, wakto Soekarno, Hatta sareng Radjiman mulang ti Dalat ka Kampung Halaman Sutan Syahrir ngadesek supados Soekarno sacepetna ngaproklamasikeun kamerdekaan sabab musyawarah didalat dianggap panipuan Jepang, sabab Jepang kedah nyerah kasekutu unggal waktos sareng demi ngahindar perpecahan dina pihak nasionalis, antara anu anti Jepang sareng pro Jepang.
Hatta nyarioskeun ka Syahrir tentang hasil musyawaroh di Dalat, Soekarno teu acan yakin yen Jepang parantos nyerah, sareng kamerdekaan RI dina waktos eta tiasa nimbulkeun pertumpahan darah nu seeur, sareng fatal akibatna lamun para pajuan Indonesia teu acan siap. Soekarno ngingeutkeun Hatta yen Syahrir teu gaduh hak kangge ngaproklamasikeun kamerdekaan sabab eta teh hak Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI). Samentara eta Syahrir nganggap PPKI nyaeta badan organisasi nu di damel ku Jepang sareng proklamasi kemerdekaan ku PPKI mung hadiah ti Jepang.
Dina tanggal 14 Agustus 1945, Jepang nyerah ka Sekutu. Tantara sareng angkatan laut Jepang masih nyekel kuasa di Indonesia sabab Jepang parantos ngajanjikeun bade nyerahkeun deui kakuasaan di Indonesia ka tangan sekutu. Sutan Syahrir, Wikana, Darwis, sareng Chaerul Saleh ngadangu kabar ieu tina radio BBC.
Saparantos ngadangu desas-desus Jepang bakal bertekuk lutut, golongan muda ngadesek golongan tua supados enggal ngaproklamasikeun kemerdekaan Indonesia. Tapi golongan tua teu hoyong buru-buru. Golongan tua teu hoyong aya pertumpahan darah dina waktos proklamasi. Musyawarah pun dilaksanakeun dina bentuk rapat PPKI.golongan muda teu satuju kana rapat eta. Mengingat PPKI nyaeta hiji organisasi nu dibentuk ku Jepang. Golongan muda ngahoyongkeun kamerdekaan tina hasil usaha bangsa Indonesia, sanes hadiah ti Jepang.
Soekarno sareng Hatta Tandatangan dina penguasa militer jepang (Gunsei) kangge ngamenangkeun konfirmasi di kantorna dina koningsplain (medan merdeka). Tapi kantor eta kosong.
Saparantosna Soekarno, Hatta sareng Soebardjo angkat ka kantor Bukanfu, Laksamana muda Maeda, di jalan Medan merdeka utara (bumi Maeda di Jl. Imam Bonjol). Maeda nyambut kadatanganna ku ucapan salamet atas kaberhasilan di Dalat. Sawangsulna ti bumi Maeda Soekarno sareng Hatta langsung nyiapkeun musyawaroh PPKI dina tabuh 10 enjing 16 agustus 1945, Enjingna di kantor Jl. Pejambon No.2 nyarioskeun sagala nu berhubungan sareng parsiapan proklamasi kamerdekaan.
Sadinten saparantosna, gejolak tekanan kemerdekaan Indonesia nepi kapuncakna dijalankeun ku para pamuda ti berbagai golongan. Rapat PPKI dina 16 agustus tabuh 10 enjing teu dilaksanakeun sabab Soekarno sareng Hatta teu hadir. Peserta rapat tau apaleun parantos terjadi paristiwa Rengasdengklo..
Artikel dijieun ku Bunga Maliandari X.IPA1
Artikel dijieun ku Bunga Maliandari X.IPA1
Angklung
19.05
Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, diulinkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) antukna ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, dan sajabanna.
1. Angklung Dogdog Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salah sahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré.
2.Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kacamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit.
3.Badéng
Badéng téh mangrupa kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atawa 17.
Artikel dijieun ku Astrid Haerani X.IPA 1

Lingkungan Hirup
19.03
Lingkungan hirup teu aya sejena nyaeta tempat anu ayeuna ku urang di tempatan, genah atawa hnteuna kumaha urangna ngajaga lingkungan hirup eta, lingkungan hirup anu nyaman Jeung enakeun eta nu jadi idaman primadona di hate Jeung pikiran urang, tapi teu weleh tidinya ongkohna ku urang butuh lingkungan hirup nu nyaman tapi teu sadar urangteh ngancam Kana lingkungan hirup urang, tah ieu wae nu nyieun ruksakna atanapi rajetna lingkungan hirup urangteh.
1). 1. Miceun sampah sembarangan
Hese suganteh ngabenerkeun kalakuana anu salah, tah sapertos miceun sampah dimana wae, miceun sampah dimana wae nyieun atanapi nyebabkeun lingkungan urang jadi kotor.
2). Loba nu buatan tatangkalan sambarangan
Ayeunamah geus loba anu ngaeksploitasi tanah Komo wae tanah leuweuh tanah sawah ahh pokoknamah pasrah pisan tah dampak tina ieu ayeuna nyieun banjir dimana mana, nyieun longsor, suhu udara panas montereng.
3).Loba kendaraan pribadi
Baheulamah hese cenah hayang kandaraanteh tapi ku jaman ayeunamah tinggal ngiriditge bisa, tah gara gara eta Sok rasakeun kumaha eungapna loba pisan polusi udarana, ka kota we can panas montereng nya macet ongkoh.
4). Lobana limbah pabrik
Ku jaman ayeunamah loba pisan pabrik pabrik nu ngararadeg kop tinggali contohnya di sekitaran sungei, Jeung susukana pinuh ku cai kotor kimia urut tina Sesa pembuangan limbah pabrik eta.
"Kasimpulanana tah hindari naon naon bae Jeung atasi naon naon oge nu ngabahayakeunateh Kana kalastarian lingkungan hirup urang salarea. Da nyaman Jeung henteunage di raosan ku urang. "
Artikel dijieun ku Aurorra X.IPA 1

Langganan:
Komentar (Atom)